Sabtu, 26 November 2011

Naskah Biantara Bahasa Sunda

Assalamualaikum Wr. Wb.Mukadimah( Inalhamdalilah……./ Alhamdulilah Wasalatu Wasalamu…… )Langkung tipayun puja urang sanggakeun kanu maha kawasa puji kanu mahasuci, sukur kaaloh anu maha gofur anu masih keneh ngusik malikeun awak sakujur, tug dugika kiwari masih keneh masihan jatah umur, ngan omat etaumur ulah rek dihambur-hambur komo mah dipake ujug ria jeung takaburbisiurang kagolongkeun kajalma anu kufur anggur mah yu urang seueurkeun sukuranu malah mandar jaga di alam kubur kengeng pangampura ti aloh anu mahapunjul amin ...........Oge sholawat miwah kasalametan mugia dilimpahcurahkeun digulunturkeunngocor tur ngagolontor, ngalir tur ngamalir kajungjunan urang sadayananyatanya ka kangjeng nabi muhamad SAW. Ka para kulawargana, ka parasahabatna, ka para tabi’it-tabi’itna, anu malah mandar tug dugi kaumatnanyatanya urang sadayana, anu mikaconto tur nulad kana tapak lacak mantena tikawit dugika ahir.Dina leresan ieu sim abdi ngahaturkeun nuhun kapangatur waktu panataacara anu ku simkuring dipihormat ka dewan juri anu dipiati kaibu guru miwah bapa guru anu di tungu-tungu oge karerencangan simkuring anu masih kenehcalik di bangku SD anu sararae tur harade, Dina danget ieu sim abdi anu teudisangki-sangki tiasa ngadeg di payuneun para wargi, turta tiasa cumarita dipayuneun para ibu miwah para bapa, sanes bae ku tiasa jeung biasa sim abdingiring lomba, ngan sim abdi hoyong tiasa nyarita ku basa sunda dinangadugikeun biantara.Tangtosna tatar pasundan anu endah taya duana dibarengan ngajdikeunurang betah cicing didinya di lembur matuh banjar karang pamidangan tempatngiuhan tina hujan, tempat niis lamun burang reureuh ngampih lamun peuting,cai wahangan cur-cor tina sungapan maseuhan sawah numuwuhkeun pare nu bisa kapetik hasilna kaala buahna.Tuh pan lamun tea mah lembur ku urang tetep dijaga kaendahana teu diruksak ku leungeun-leungeun sarakah nu matak jadi teu endah, cobi tinggal dikota-kota tos sesah mendakan sawah, tos jarang aya pancuran. Tos dibangun molpangbalanjaan anu megah nepika teu merhatikeun bahayana,Mangpangmeungpeun hirup di lembur anu ,asih keneh asri kuring mah hayang jaga tetep kieu rangkongna sora bangkong, reangna sora jangrik jeung recetnasora tongeret mapag sareupna wanci kaburitnakeun. Kaendahan tangtu lana mun jalma sadar nyaah jeung miarana enya-enya teu jorok ka lembur sorangan
miceun runtah dina tempatna, kai teu dituar sangeunahna ahirna alam mereakibatna.Mangpangmeungpeun hirup ayeuna yu urang jaga lembur pamatuhan, nuendah taya papadana ku urang keur urang anu urang.Sakitu anu kapihatur nanging sateuacana sim kuring gaduh sisindiranNgalamun mubuy bakakak Mawa dahan tina tulangMun lembur tuluy di ruksak Musibah datang, kaendahan oge ilangMung sakitu anu kapihatur,sateuacan amit mungkur nyuhunkeun dihapunten boh bilih aya kalepatan sareng kakirangan bobot pangayon timang taraju aya dipara ibu, jembar hampura anu diteda aya di para bapa, titi surti sarta ngarti ayadi dewan juri.Ditutup ku du’a Ragi sabeulah di banjar diremetkeun duananaPamugi aloh ngaganjar nyalamekeun sadaya Wabilahi taufik wal hidayah, warido wal inayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar