Kamis, 10 November 2011

Kumpulan Contoh Pidato Bahasa Sunda

1. Asalamu’alaikum wr. Wb ( tentang kebersihan )

Para hadirin anu ku simkuring di pihormat, alhamdulilah danget ieu urang sadayana tiasa pateupung lawung pa amprok jonghok, dina raraga urang mi eling kanu jadi kabersihan kota Garut.

Hadirin anu ku simkuring di pihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, kota Garut teh tos sering kenging piala adipura ku sabab garut teh bersih, endah sareng asri. Ku kituna garut sok di sebut kota Intan. Tapi, aya wae masarakat garut anu sok miceun sampah timana wae. Sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kota garut.

Hadirin anu ku simkuring di pihormat, kalintang betah janten urang Garut. Atuh teu aya lepatna lamun ku urang di jaga pasti – pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun kakayaan anu di piboga, ku urang di lestarikeun sangkan kota Garut, leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna. Hayu urang babarengan ningkatkeun mempertahan keun kota Garut, kota Intan, kota Garut kota pangirut.

Rupina mungsakitu nu tiasa di dugikeun, bilih luhur saur bahe carek, bobo sapanon  carang sapakan dina cumarios, ka sadayana neda tawakup anu kasuhan.

Wabillahi taufik walhidayah
Wassalamuailakum wr. wb 

2. Asalamualaikum wr.wb ( tentang pelulusan sekola )
Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak, Ibu guru Sekolah SMP N 1 LAKBOK seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI ieu.
Para Ibu, Bapak sadaya, menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki. Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu  6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.
Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna. Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana, mengingat, menimbang sareng memutuskan yen pada putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan LULUS 100 %.
Para Ibu Bapak sadayana kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, bobodoran, kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.
Para Ibu Bapak sadaya kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.
Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajah. Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa sareng Nagara.
Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa diajar di sakola dasar, supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya deui bahasa anu utama, iwal ti sisng lantip budi, hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.
Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27 Juni 2007 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking bral…. Bral geura miang.
Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.
Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.
Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna.

3. Assalamualaikum Wr. Wb.
Mukadimah( Inalhamdalilah……./ Alhamdulilah Wasalatu Wasalamu…… )Langkung tipayun puja urang sanggakeun kanu maha kawasa puji kanu mahasuci, sukur kaaloh anu maha gofur anu masih keneh ngusik malikeun awak sakujur, tug dugika kiwari masih keneh masihan jatah umur, ngan omat eta umur ulah rek dihambur-hambur komo mah dipake ujug ria jeung takabur bisi urang kagolongkeun kajalma anu kufur anggur mah yu urang seueurkeun sukuranu malah mandar jaga di alam kubur kengeng pangampura ti aloh anu mahapunjul amin ...........Oge sholawat miwah kasalametan mugia dilimpahcurahkeun digulunturkeunngocor tur ngagolontor, ngalir tur ngamalir kajungjunan urang sadayananyatanya ka kangjeng nabi muhamad SAW. Ka para kulawargana, ka parasahabatna, ka para tabi’it-tabi’itna, anu malah mandar tug dugi kaumatnanyatanya urang sadayana, anu mikaconto tur nulad kana tapak lacak mantena tikawit dugika ahir.Dina leresan ieu sim abdi ngahaturkeun nuhun kapangatur waktu panataacara anu ku simkuring dipihormat ka dewan juri anu dipiati kaibu guru miwah bapa guru anu di tungu-tungu oge karerencangan simkuring anu masih kenehcalik di bangku SD anu sararae tur harade, Dina danget ieu sim abdi anu teudisangki-sangki tiasa ngadeg di payuneun para wargi, turta tiasa cumarita dipayuneun para ibu miwah para bapa, sanes bae ku tiasa jeung biasa sim abdingiring lomba, ngan sim abdi hoyong tiasa nyarita ku basa sunda dinangadugikeun biantara.Tangtosna tatar pasundan anu endah taya duana dibarengan ngajdikeunurang betah cicing didinya di lembur matuh banjar karang pamidangan tempatngiuhan tina hujan, tempat niis lamun burang reureuh ngampih lamun peuting,cai wahangan cur-cor tina sungapan maseuhan sawah numuwuhkeun pare nu bisa kapetik hasilna kaala buahna.Tuh pan lamun tea mah lembur ku urang tetep dijaga kaendahana teu diruksak ku leungeun-leungeun sarakah nu matak jadi teu endah, cobi tinggal dikota-kota tos sesah mendakan sawah, tos jarang aya pancuran. Tos dibangun molpangbalanjaan anu megah nepika teu merhatikeun bahayana,Mangpangmeungpeun hirup di lembur anu ,asih keneh asri kuring mah hayang jaga tetep kieu rangkongna sora bangkong, reangna sora jangrik jeung recetnasora tongeret mapag sareupna wanci kaburitnakeun. Kaendahan tangtu lana mun jalma sadar nyaah jeung miarana enya-enya teu jorok ka lembur sorangan,
miceun runtah dina tempatna, kai teu dituar sangeunahna ahirna alam mereakibatna.Mangpangmeungpeun hirup ayeuna yu urang jaga lembur pamatuhan, nuendah taya papadana ku urang keur urang anu urang.Sakitu anu kapihatur nanging sateuacana sim kuring gaduh sisindiranNgalamun mubuy bakakak Mawa dahan tina tulangMun lembur tuluy di ruksak Musibah datang, kaendahan oge ilangMung sakitu anu kapihatur,sateuacan amit mungkur nyuhunkeun dihapunten boh bilih aya kalepatan sareng kakirangan bobot pangayon timang taraju aya dipara ibu, jembar hampura anu diteda aya di para bapa, titi surti sarta ngarti ayadi dewan juri.Ditutup ku du’a Ragi sabeulah di banjar diremetkeun duananaPamugi aloh ngaganjar nyalamekeun sadaya Wabilahi taufik wal hidayah, warido wal inayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

4. Asalamu’alaikum wr. Wb  ( tentang kebersihan )

Para hadirin anu ku simkuring di pihormat, alhamdulilah danget ieu urang sadayana tiasa pateupung lawung pa amprok jonghok, dina raraga urang mi eling kanu jadi kabersihan kota Garut.

Hadirin anu ku simkuring di pihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, kota Garut teh tos sering kenging piala adipura ku sabab garut teh bersih, endah sareng asri. Ku kituna garut sok di sebut kota Intan. Tapi, aya wae masarakat garut anu sok miceun sampah timana wae. Sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kota garut.

Hadirin anu ku simkuring di pihormat, kalintang betah janten urang Garut. Atuh teu aya lepatna lamun ku urang di jaga pasti – pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun kakayaan anu di piboga, ku urang di lestarikeun sangkan kota Garut, leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna. Hayu urang babarengan ningkatkeun mempertahan keun kota Garut, kota Intan, kota Garut kota pangirut, Rupina mungsakitu nu tiasa di dugikeun, bilih luhur saur bahe carek, bobo sapanon  carang sapakan dina cumarios, ka sadayana neda tawakup anu kasuhan.


Wabillahi  taufik  walhidayah
Wassalamuailakum wr.wb 

5. Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh ( tentang budaya seni )
Alhamdulillah Wassukru ala niamilah. Wassolatu Wassalam ala Rosulillah. Wa Ala Alihi Wa Sohbihi Wa maw walah amma ba’du
Girang pangajeng anu ku sim kuring dipihormat, Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut.
Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka dzat Illahi Robbi, anu parantos nakdirkeun urang sadaya, tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu kasempatan anu sakieu mulyana. Mudah-mudahan Allah SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa nyuprih hikmah, padilah sinareng manfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan. Hadirin anu mulya, Alllah parantos ngagelarkeun makhlukna, tegesna umat manusa, kalayan rupi-rupi ras, bangsa, suku, sinareng golongan. Masing-masing ras, bangsa, sareng suku teh aya dipirang-pirang tempat sareng wilayah anu beda, ngagaduhan adat, budaya, bahasa sareng kabiasaan sewang-sewangan. Didawuhkeun dina kitab-Na, sadaya eta teh sangkan tiap-tiap bangsa, ras sareng suku teh silih kenal, silih hormat, jeung silih ajenan.
Litaarofu, kitu didawuhkeun dina Al-Qur’an!
Hadirin anu mulya, budaya anu tumuwuh di masing-masing bangsa sareng suku bangsa bangsa teh ngajenggelek jeung ngawujudna nyaeta dina basa, kasenian, pakean sareng adat kebiasaan sanesna. Sajaba ti eta, aya budaya anu langkung linuhung nyaeta budaya anu ngajenggelek dina wujud elmu pangaweruh, teknologi sareng anu sanesna.
Urang sadaya salaku warga hiji suku bangsa, nyaeta suku sunda, kawaris ku para karuhun, hiji budaya nyaeta budaya Sunda. Kakoncara budaya anu linuhung, anu rembeuy ku seni anu luhur ajenna, waditra anu dipikawanoh ku sakumna jalma saperti angklung, kacapi, sareng sajabina. Seni sora anu kakocap ka manca nagasa saperti seni degung, kawih sareng cianjuran, diwuwuh ku alam anu endah, hejo lembok sugih mukti, subur tutuwuhan, beunghar pepelakan, eta sadayana anugrah ti Allah SWT kanggeurang sadaya, seuweu siwi pajajaran.
Hadirin anu mulya, nya kawajiban urang sadaya ayeuna, nyaeta ngamumule, miara, ngajaga ngariksa sakumaha budaya warisan karuhun tea. Patarosanana kumaha carana urang ngajaga sinareng ngariksa budaya urang sunda?. Pamendak sim kuring mah, kahiji urang sadayasing rajin diajar, khususna tina rupi-rupi materi anu aya patalina sareng budaya sunda. Urang sing wanoh, sing kenal kana budaya sunda. Kadua, urang sing heman, sing nyaah kana budaya urang, kana basa sunda umpamana, urang kudu rancingeus bisi aya batur anu ngaruksak kana basa sunda, anu nyarita ku basa sunda tapi teu puguh alang ujurna, sunda lain malayu lain. Urangna sorangan deuih ulah mirucaan nyarita basa sunda bari teu kantenan undak usukna. Pon kitu deui kana kasenian asli sunda, aya paribasa jati kasilih ku junti. Degung, kawih kahihilapkeun da moho teuing kana dangdut elektunan.
Mudah-mudahan, ti ayeuna kapayun aya kereteg dina manah urang sadaya, hoyong ngamumule, ngajaga sinareng ngariksa budaya sunda, budaya urang sadaya, Amiin.
Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya kakirangan sareng kalepatan.
Wabillahi Taufik Wal Hidayah
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar